Kasusastraan Sunda; Purwakanti (Bagian Kasabelas)

Di sagigireun nu geus kasebut bieu, aya deui nu disebut purwakanti. Purwa hartina mimiti, ari kanti hartina ngadagoan. Jadi purwakanti téh nu mimiti (tiheula) ngadagoan nu pandeuri. Dina kanyataanana sora kecap nu disebut tiheula sarua jeung nu disebut sapandeurieunana.

Purwakanti téh aya 3 bagian :

  1. Laraspurwa
  2. Larasmadya
  3. Laraswekas

Laraspurwa, anu sarua téh engang nu mimiti dina kecap nu tiheula jeung engang nu mimiti dina kecap nu saterusna.

Contona       :

Ka mana kabogoh kuring

Sumpang simpang nyiar simping

Jeung sajabana

Larasmadya : nu sarua sorana téh engang nu tengah

Contona       :

Cipelang Cipanganyaman

Cibogo jeung Cibarusah

Ti Cikajang ka Cikijing

Jeung sajabana

Laraswekas : Nu sorana sarua téh engang panungtung

Contona       :

Bodas nyacas kawas kapas

Trak trék trok jalan ka kontrak

Sampiung ngapung ka manggung

Isuk-isuk melak cau

Sore-sore melak paré

Isukan mah jalan-jalan

Minggu hareup melak sampeu

Hirup hurip lahir batin

Katiir jamparing asih

Kapentang panah asmara

Sing kapetik hasilna kaala buahna

Jeung sajabana

Beuki loba nu murwakantina dina hiji kalimah beuki genah dibacana/diucapkeunana. Dina éta kalimah téh laraspurwa, larasmadya, jeung laraswekas aya kabéh. Geura ieu contona :

Sapapait samamanis

Hirup hurip lahir bantin

Bodas nyacas kawas kapas

Katiir jamparing asih

Kapentang panah asmara

Gunung-gunung semu ngungun[1]

Pasir sari nu prihatin[2]

Aya deui nu murwakantina téh saban engang panungtung jajaran (kalimah) kahiji, kadua jeung saterusna, contona :

Semprung Mundinglaya ngapung

Lumantung luhureun gunung

Nyukang dina kilat panjang

Ngacacang di méga malang

Aya kénéh deui nu murwakanti téh engang panungtung jajaran kahiji sareng jajaran katilu, jajaran kadua sareng jajaran kaopat saperti anu biasa dina sisindiran. Contona :

Kembang wera daun suri

Hayam leuleuweungan baé

Lamun teu éra ku diri

Hayang reureujeungan baé

(Hanca)


[1] Anu kieu dina kasusastraan disebutna mijalma nyaéta nyarupakeun barang paéh saperti jalma

[2] Ngarasa sedih, bungah, jeung sajabana.

Pos ini dipublikasikan di Kabudayaan Sunda dan tag , , , , . Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s